Kumpulan Contoh Puisi Bahasa Sunda Lucu Dan Cinta

Puisi Bahasa Sunda Lucu Dan Cinta - memang sudah tidak asing lagi dengan bahasa asli suku sunda  berasal dari provinsi jawa barat ini, yang gemar menembak hati seseorang lewat puisi atau pun pantun dan juga gemar sekali humor dalam bahasa kerennya bobodoran. tentunya setiap kata memiliki makna yang sangat berarti di dalam syair puisi basa sunda tersebut, seperti menyindir seseorang untuk menjadi orang yang benar. mungkin anda sedang mencari puisi bahasa sunda untuk mengerjakan tugas di sekolah, bisa anda lihat di bawah sini dengan alakadarnya :

Kumpulan Puisi Bahasa Sunda Lucu Dan Cinta

Puisi Sajak Cinta : Tepis Miring Panyarendean Hate

Waktu poe condong ka kulon
Raga urang cindek paanggang
Tapi soka pateupteup geugteut
Hate ngumbara leupas tina simapyna
Sidik urang geus baroga panutan
Gurat seuneu lain halalang
Boongan urunh wani wawuh
Kembang tresno ngawangun rumpaka rasa
Pakait rasa lain dihaja

Waktu poe condong ka kulon
Uplek ngobrol meakeun mangsa
Hariwang hamo bisa dibubi-buni
Sorot soca nitenanan tanggal
Lima belas poe datang sajorelat
Wanci paturay barus datang
Hanca urung nalarik jangkar
Pikeun mulang kanu ngantian
Dua hati tetep tibelat
Dumeh hirup halabhab cinta

Waktu  poe condong kakulon
Rundayan katineung rek dipalerkeun
Talagawening nyangkrung nasoca
Hambar diri pungkas tibelat
Ngalong kewang leupas pamuntang
Kecap pisah mungkas mungkas keun asih
Uwilujeung angkat kedeuh deuh hate
Sugan jaga mawa harepan
Suga poe datan dewi keur urang duaa
Ngukir carita dina tepis miring panyarandean hate

Pantun Bahasa Sunda

Ka Jampang mawa pakarang
Ajang pe'rang makalangan
Ka akang naha sale'mpang
Akang sayang ngan ka yayang

Cikaracak ninggan batu
Laun-laun jadi legok
Nincak ruhak dina batu
Laun-laun ngagorowok

Tukang ketan make rancatan
Nawisan ka urang wetan
Lamun tuang dihajatan
Ulah hilap keudah ngamplopan

Aya bajing mawa tiwu
Kamajalaya teu aya sasaha
Wilujeng enjing kasadaya daya
Mugia sing sejahtra

Sisindiran Bahasa Sunda

Metallica dikalapaan
Megadeth diragaji
Urang meunang memetalan
Asal ulah poho ngaji

Majar maneh mawa pacul
Hanjakal kalah ka ngejo
Majar maneh anak gaul
Hanjakal waosna hejo

Lamun urang ka Cikole
Moal hese tumpak kahar
Lamun urang boga gawe
Moal hese barang dahar

Lamun urang ninun kantéh
Ulah resep make poleng
Lamun urang leutik keneh
Ulah resep ngomong goreng

0 Response to "Kumpulan Contoh Puisi Bahasa Sunda Lucu Dan Cinta"

Posting Komentar

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel